Selasa, 24 Februari 2009

Pacici Putri

Pacici-cici putri…
Terelek kembang celempung…

Hariring Mandian Budak

Si lang-lang….
Si lang-lang….
Kokojayan…
Nyiar endog di wahangan…
Bu’uk kuring geura panjang…

Kamis, 12 Februari 2009

Lagu Buhun

Daweung menak pajajaran,
Pajajaran kari ngaran
Pangrango geus narik kolot
Mandala wangi ngaleungit
Nya dayeuh geus jadi leuweung
Nagara geus lawas pindah
Satile’mna pajajaran
Digunung gumuruh suwung
Geus tile’m jeung nagaranana

Kana lamping suku gunung
Tengah leuweung luwang liwung
Leuweung laleuwang lungkawing
Leuweung ganggong simagonggong
Barala tempat berhala
Nawing cadasna barodas
Nyerelek cai nyusuna
Cinyusu nu ngawahangan

Gunung gede jiga nu nande
Nandean ka badan abdi
Gunung pangrango ngajogo
Ngadagoan abdi wangsul
Wangsul ti pangumbaraan
Kebo mulih pakandangan
Nya muncang labuh ka puhu
Anteurkeun ka pajajaran.



Lagu ini dinyanyikan oleh ibu saya ketika keadaan hati saya lagi sakit, sedih, marah, resah...
Alhamdulillah setelah mendengarkan lagu ini hati saya langsung tentram...
Makasih ya mah...